Sabtu, 14 Juli 2012

Sasakala Lembur Maronggé :: Dongeng

dongeng
Waktos kapungkur kacarioskeun aya hiji wanoja anu ngarandapan raheut manah. Namina Nyai Gabug. Anjeunna téh raheut manah ku hiji pameget. Nyai Gabug apruk-aprukan, terus milarian babakan nyingkahan nu ngarajét haténa. Nyai Gabug téh disarengan ku tilu raina: Setayu, Naibah, sareng Naidah. Taya nu terang saha lalaki nu tos ngaraheutan Nyi Gabug téh.

Saliwatan mah cangcaya mun Nyi Gabug kudu ngalaman raheut haté téh. Pangna kitu, Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Sakur nu pareng amprok sareng Nyi Gabug, boh istri boh pameget, jorojoy resep jeung bogoh.

Kocapkeun, Nyai Gabug jeung tilu raina anjog ka hiji pasir di tungtung lembur babakan. Saterasna Nyai Gabug bubuara ngadegkeun tempat pamatuhan.

Ngababakanana Nyai Gabug téh enggal pisan nyebarna, ibur salelembur, éar sadésa, yén di babakan pasir aya opat wanoja geulis. Nya sakur nu panasaran mah pada ngajarugjug ka babakan téa. Barang prok ogé, henteu mencog tina sangkaan, opat wanoja téh geulis taya tandingna. Malah loba lalaki nu ngaheureuyan rai-raina Nyai Gabug.

Nyai Gabug ngatik ka raina sangkan ulah gampil kagoda ku wujukan kaum pameget. Utamina kedah ngeunteung kana lalakon anu tos karandapan ku anjeunna. Demi tilu raina henteu baha kana rupaning papagah nu jadi raka éstuning pengkuh kana pamadegan, moal waka kagoda ku pameget mun rakana Nyai Gabug can nyaatujuan.

Ku sohorna kageulisan Nyai Gabug, dugi ka Raja Gubangkala. Anjeunna ngaroas panasaran. Malah tara ti sasarina, Gubangkala indit ti karaton henteu ngawakilkeun. Teu kacatur di jalanna, Raja Gubangkala anjog ka wewengkon pasir babakan. Barang gok paamprok paadu teuteup sareng Nyai Gabug, Raja Gubangkala langsung katarik kapentang asmara. Harita kénéh Raja Gubangkala ngajukeun lamaran ka Nyai Gabug, geusan dijadikeun praméswari di karajaanana.

Nyai Gabug méré tanjakan ka Gubangkala, heg cenah dipigarwa, asal Gubangkala kudu bisa malikkeun deui kukuk anu dipalidkeun ku Nyai Gabug ka girangkeun. Gubangkala kacida ngaranjugna. Tanjakan téh sakitu abotna. Namung da anjeunna ogé sanés jami atah-atah. Tanjakan téh disanggupan. Nya Gubangkala nyoba malikkeun kukuk nu dipalidkeun ku Nyai Gabug. Tapi dalah dikumaha, Gubangkala teu sanggup ngayonanana. Kukuk terus palid teu bisa balik deui. Gubangkala teu tinekanan nyanding ka Nyai Gabug da puguh kasakséni kumaha linuhungna Nyai Gabug. Nya ti harita mah taya deui nu ngahéroan. Jigan teu sanggup kana tanjakanana.

Hiji magsa, Nyai Gabug teu damang wales dugi ka kapidara. Tilu raina reuwas kareureuhnakeun kalayan ngaraos hariwang. Namung teu lami, Setayu nampi ilapat kedah milarian geutah buah kilaja muning. Saterasna éta geutah téh diulaskeun kana lambeyna Nyai Gabug.

Henteu sakara-kara, sabada lambey Nyai Gabug diolesan geutah buah kilaja muning, Nyai Gabug sadar deui. Nyah beunta. Nyai Gabug cumarios ka tilu adina sangkan énggal-énggal ngali taneuh ngadamel lombang. Nya tilu rainan ngadamel lombang.

Saparantos réngsé ngadamel lombang, Nyai Gabug lebet kana lombang téa kalayan miwarang ka tilu rainan nutupan éta lombang ku rénggé (régang). Rai-raina nutupan ku rénggé. Barang tos buni, tiluanana ngaranjug, tina sela-sela rénggé aya cayaha gilang gumilang lir anu merong raina anu tiluan. Nya ti harita éta tempat téh katelah jadi Maronggé, minangka wancahan tina kecap merong sareng rénggé (régang). Dugi ka ayeuna éta lembur téh katelahna Maronggé. Ayana di Kacamatan Tomo, Kabupaten Sumedang. Maronggé téh langkung sohor batan lembur-lembur séjénna di Kacamatan Tomo.** (Oon Suwartini / Galura)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar