Tampilkan postingan dengan label dongeng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label dongeng. Tampilkan semua postingan

Minggu, 26 Agustus 2012

Munding Dikawihan Kuda Didangdanan :: Dongéng

Munding Dikawihan Kuda Didangdanan
(ilustrasi: Mangle)
Baheula béh ditueun baheula, lembur urang téh leuweungna weuteuh, caina ogé curcor harérang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai. Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng wé jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu séjénna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan téh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.

Sanajan natangga, masing-masing boga kabiasaan sorangan, boga kabeukli anu béda. Sasatoan nu beuki jujukutan mun baranghakan tinggal ka pangangonan atawa ka leuweung ngagares jukut anu ngémploh héjo. Sato mah teu mikir pamali teu mikir boga batur, mun manggih kabeuki langsung diremus.

Nya kitu harita ogé, jelema boga kahayang sorangan jeung geus bisa mikir. Sanajan cicing di guha, ari dahareun mah hayang nu ngeunah, hayang bisa nyawah keur melak paré. Jelema hayang boga imah sangkan ulah kapanasan jeung katirisan.

Lantaran ku béda kabiasaan jeung kabeuki téa, jelema mideng ngambek ka sakadang munding jeung sakadang kuda. Ngambek téh lantaran kudu jeung munding mindeng pisan ngaranjah sawah jeung pepelakan jelema. Hiji waktu mah kuda jeung munding téh diontog ku jelema: “Hey sakadang kuda, sakadang munding, abong mangkeluk teu boda pikiran, ulah ngaruksak pepelakan batur atuh. Lamun hayang baranghakan indit ka leuweung néangan jukut ku sorangan.”

Sakadang kuda jeung munding méh bareng némbal bari reuwas da jelema datangna mawa pecut keur ngarangkét, “Hampura atuh sakadang jelema, da kami mah teu nyaho pepelakan maranéh”. Ngaromong rada ngosom bakat ku reuwas jeung sieun. “Tuh tempo sawah kami ruksak jeung pasti moal kaala paréna, gantian ku maranéh!”. Kuda jeung munding tingharuleng bari silih rérét. Duanana rumasa kana kasalahan tapi nya kudu kumaha ngagantianana.

Keur tinghaluleng kitu jelema datang deui bari ngacungkeun pecut jiga rék ngarangkét. “Kumaha kuda, munding sanggup ngagantian téh?” Nempo jelema jiga tambah ambekna, kuda jeung munding baradami yén rék nyanggupan ngagantian ku tanaga keur mantuan pagawéan jelema. “Kumaha mun ku kami digantian baé ku tanaga. Iraha baé aranjeun butuh ku tanaga kami, kami siap mantuan asal dicumponan paménta kami”. Ngadéngé kasanggupan kuda jeung munding kitu, jelema pohara atoheunana bakal aya nu mantuan digawé. “Naon atuh pamenta maraneh téh, pok omongkeun, sugan bae kami bisa nyumponan”.

Pok munding miheulaan sakadang kuda, “Heug kami mantuan gawé aranjeun asal kami dikawihan mun keur digawékeun, jeung sakadang kuda gé sanggup mantuan jelema asal didangdanan”.

Ngadéngé kahayang kuda jeung munding kitu, jelema malikir kamaha nyieun lagu keur munding jeung kamaha nyieun dangdanan keur kuda. Tapi teu lila geus kapikir. Lagu keur munding bakal diajak digawé di sawah jelema nyiptakeun tembang pupuh kinanti,
Mideur, kia, arang, luput
Mideur téh hartina malik
Ari arang mah kaliwat
Lamun kia sisi teuing
Luput téh nya mengkol téa
Eta kawih keur ilaing.
Barang éta lagu dicoba dikawihkeun, munding unggut-unggutan tanda panuju. Ari sakadang kuda ngan kulantang kulinting baé néangan dangdanan nu disanggupan ku jelema. Nempo kuda jiga nu panasaran, gancang baé baju kulit keur sakadang kuda téh ditembongkeun bari sakalian sina dipecakan. Barang rap dicoba enya bae kuda téh jadi leuwih kasép. Dina sirah aya hiasan jajambulan tina majun jeung génggé nu kékéréncéengan, make kacamata nu ngahiji jeung borongsong. Kadalina tina beusi nyambung kana eles. Dina dada ngadaplok toka-toka tina kulit nu ditarétés ku hiasan pérak nu harérang. Dina beuteung aya beubeur gedé nu ngahiji jeung sela paranti diuk jelema. Ka handapna disapatu ku beusi sangkan leumpang teuy tiseureuleu. Pokona ginding wéh dangdanan kuda téh. Sarua kuda gé ari tos nempo paméntana dicumponan mah unggut-unggutan bari hihieum tanda panuju kana kahayang jeung satu kana janti mantuan jelema.

Tah ti harita mah kuda jeung munding téh beuki mindeng tembong babarengan jeung jelema. Munding mindeng tembong digawékeun di sawah keur narik wuluku atawa garu, dikawihan ku jelema. Atuh sabada aya gawé bareng antara jelema jeung munding mah, pagawéan ngagarap sawah téh jadi leuwih énténg. Ari sakadang kuda beunang ngadangdanan tek sok sina narik keretek, ditumpakan ku jelelma lamun jelema rék nyanyabaan ka nu jauh.

Tah kitu ari hirup rukun sauyunan mah, mun aya pasualan téh dipigawé babarengan. Hasil mucekil, gawéan teu sabahara capé. Tah sakitu lanan dongéng picontoeun ti Aki minggu ieu mah.(Helins/Dongéng Aki Guru/Manglé No. 2299)**

Jumat, 03 Agustus 2012

Bondol Haji :: Dongeng

Bondol Haji Dongeng
(ilustrasi: Mangle)
Manuk bondol haji téh rupana leutik, kawas piit. Bulu awakna coklat. Ari beheung ka hulu mah bodas buluna téh. Nya lantaran bodas huluna, pangna diserebut bondol haji ge, dan siga jalma disongko haji. Bondol haji réa kapanggih di pasawahan Karawang kaler. Sok jadi hama, das ok nyisilan paré, ngaganggu pepelakan patani nu sumedeng karonéng. Sakapeung ku patani sok disieuh-sieuh sina jauh. Disingsieunan ku bebegig atawa kokoprak.

Eta manuk téh cenah aya sasakalana. Kieu dongéngna; jaman baheula di hiji lembur aya anu kacida beurat beungharna. Bandana bru dijuru panto, ngalayah ditengah imah. Sawahna manghéktar-héktar. Kebonan mangbau-bau. Lubak libuk téh lain babasan. Di lembur éta mah ngan manéhna anu jegud ku harta banda téh.

Ngan hanjakan, eta haji téh kasohor meditna. Tara daek tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Daék ku daék nu nulung batur, tapi kudu itungan. Mun nginjeumkeun diréntenkeun mun nganjukeun dilipetkeun. Teu anéh lamun réa jalma anu ménta tulung ka manehna antukna jadi kabeulit hutang, kajiret rénten nu beuki ngabeukahan. Lantaran adatna mééngkél jahé, réa urang lembur anu malik teu suka ka manéhna.

Enya éta haji sok deukeut jeung urang lembur. Tapi lain deukuet hayang layeut, atawa hayang nambah-nambah amal. Deukeut sotéh sieun batur jalir jangji kana hutang, inggis batur teu bisa mulangkeun rénten. Mun nganjang ka tatangga lain maksud rék manjangan baraya, tapi teu kurang teu leuwih ukur rék nanagih hutang.

Hiji poé éta haji diélingan ku tatanggana. “Haji naha atuh mani medit-medit teuing? Harta banda anu dipimilik ku haji téh apanan titipan Pangéran. Ngabeungbeuratan haji engké diahérat.”

Tapi éta haji téh kalah nembal kieu, “Harta uing téh meunang usaha uing sorangan. Banda anu ayeuna dipiboga ogé lain hasil usaha batur, tapi hasil uing banting tulang. Hasil uing digawé beurang peuting. Teu sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Lamun batur hayang cara uing, nya digawé sing soson-sososn, sing rajin, sing getol.

Tatangga teu nyarita deui. Ngan bati kukulutus baé dina jero haténa. Ceuk gerentesna, heueuh da manéh mah getol dina ngaréntenkeun mah. Beurang peuting tara poho nanagih hutuang, meres batur ku rénten.

Hiji mangsa, éta haji téh kabejakeun gering parna. Diubaran mah diubaran cenah, tapi panyakitna teu daék cageur. Dukun lepus jeung tabib sakti didatangkeun kasakitan haji. Tapi teu matak ngurangan kasakitna haji. Ti poé ka poé geringna beuki parna baé. Kulawrgana ogé teu walakaya. Ngan tiba masrahkeun baé ka Pangéran, rék dikitu rék dikieu ogé nyanggakeun sadaya-daya.

Diitung-itung, lila pisan haji téh geringna. Ajalna siga diganggayong. Hirup teu neut paéh teu hos. Awakna anu sakitu lintuhna bayuhyuh, ngorotan nepi ka tinggal tulang dibungkus kulit lain wadul. Hartan anu sakitu balatakna, beuki lila beuki nguragan da dipake ubar-uber pikeun ngubaran panyakit.

Lantaran panyakitna taya sudana, antukna eta haji téh nepi ka ajalna. Mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku nu Kagungan.

Enya gé urang lembur loba nu suka kana adatna, tapi ari geus maot kitu mah teu wudu réa anu ngalayad. Milu nguruskeun mayit. Ti mimiti nyolatkeun, nepi ka nguburkeunana. Sok komo waktu maotna éta haji téh dina kaayaan pikawatireun pisan, geus puguh waruga mah kacida sisipna, éta deuih harta banda jeung kabeungharanana ogé kapan teu nyésa.

Heuleut sawatara poé ti harita, dina tutunggul kuburan éta haji téh aya manuk leutik, anu cindeten baé didinya. Rupana coklat, ari huluna bodas. Barang manggihan éta manuk, urang lembur kacida panasaranana. Sabab saméméhna di éta lembur téh euweuh manuk anu rupana kitu. Lantaran eta manuk téh teu ingkah-ingkah ti dinya, teg bae urang lembur téh bogaan sangkaan. Boa-boa éta manuk téh arwah haji anu nyurup mirupa manuk.

Barang disidik-sidik kalakuanana, éta manuk téh ti poé ka poé gawéna ngaruksak paré. Mun nyayang ngaruksak dapuran, sarta barangdaharna nyisilan paré. Matak jéngkél pantani. Tapi barang digebah-gebah, éta manuh téh bandel kabina-bina. Tara ieuh daék hiber jauh. Balik deui balik deui.

Ku sabab bandel téa, antukna jadi kacapangan urang lembur. Dasar manuk bandel, cenah. Tina kecap bandel. Eta manuk antukna katelah manuk bondol, tuda hésé nyieuhkeunana. Ari ditenget-tenget, bet enya jiga kalakuan jenatna haji téa. Enya sok deukeut jeu n gurang lembur, tapi sok ngarusak. Beuki yakin baé urang lembur téh, mun eta manuk téh jirim haji nu mindarupa.

Ti harita, éta manuk téh pada nyebut bondol haji. (Dongéng Aki Guru/Manglé No. 2291)***

Jumat, 27 Juli 2012

Nini Antéh :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula aya budak awéwé ngaranna Nyi Antéh. Karunya budak téh pahatu. Geus teu boga indung da geus maot katarajang malaria teu katulungan.

Sanggeus indungna maot, Nyi Antéh hirupna jadi nunggelis. Jauh ka sintung kapala, lieuk deungeun lieuk lain, henteu indung heuteu baraya. Aya gé bapana sanggeus boga deui pamajikan mah, jadi tambélar. Ka anak henteu riksa henteu nyaah. Mun méré dahar gé kumaha ceuk indung téréna, rék dibéré rék henteu.

Ku kitu puguh wé Nyi Antéh mindeng ngarumas, indung téréna galak pisan, sok nyarékan, tampolana nyintreuk jeung nyiwit tarik. Dina méré dahar, indung téréna téh saukur tamba kawaranan. Sanguna saeutik ukur jeung uyah. Lamun tas dahar bari ngalémétan réméh téh Nyi Antéh sok sasambat ka indungna dikawihkeun.

“Emaa emaa nyai tulungan. Nyai neda… lapar kénéh. Da sanguna ngan saeutik. Jaba teu aya réncangna.” Ceuk Nyi Antéh bari ngalémétan réméh.

Nyi Antéh ditambélarkeun ku indung téréna kitu téh lain ngan sakali, tapi mindeng. Saban dahar. Sok ngadoni éta ogé ka bapana yén indung téréna téh medit, méré dahar sok saeutik, tapi ku bapana kalah dipolotan.

“Ngadoni siah, miradukeun,” ceuk bapana.

Osok éta ogé bapana ngagelendeng indung téréna sangkan méré dahar téh sing nepi ka seubeuheun. Tapi lain robah kalah ka sok malik nyarékan Nyi Antéh.

“Ngadoni siah ka bapa manéh! Budak mah sapaméréan kolot wé teu kudu ngadu-ngadu,” ceuk indungna bari celetot nyiwit tarik pisan. Atuh Nyi Antéh téh ceurik ampun-ampunan.

Sanggeus kitu mah Nyi Antéh téh teu wanieun deui bébéja ka bapana. Ah kadongdora pamikirna bébéja ogé lain jadi seubeuh, kalah jadi nyeri.

Sakali mangsa sabot bapana ngala suluh jualeun ka kota, Nyi Antéh dibéré dahar. Biasa saeutik ukur jeung hulu peda. Geus kitu tuluy sirah budak téh diketrok ku aseupan nu ramiping ku réméh. Nya atuh puguh wé sirah Nyi Antéh téh pinuh ku réméh.

Keur kitu datang bapana. Barang jol gé heg bapana nanya.

“Geus dibéré dahar budak téh?”

“Puguh wé seubeuheun pisan. Awahing ku seubeuh gagaro sirah gé ku leungeun nu ramiping ku réméh,” ceuk indung térénan ngarah dipiandel.

Kitu jeung kitu wé saban poe ogé nasib Nyi Antéh téh.

Sakali mangsa tina ku teu kuat nahan kanalangsaan, Nyi Antéh ka kuburan indungna, ngadon ceurik balilihan bari sasambat.

“Ema.. ema .. Nyai lapar. Nyai lapar… hayang neda. Indung téré galak jeung medit. Sirah diketrok aseupan.” Budak sasambat balilihan di luhur kuburan indungna.

Sabot kitu kersaning Allah, teu aya nu mustahil, podonghol wé tina jero kuburan téh cau emas saturuy. Atuh hékak Nyi Antéh ngadahar cau emas. Nyeubeuhkeun dahar sangu saeutik paméré ema téréna. Saban poe kitu wé aya kiriman cau emas, nya Nyi Antéh téh teu leuleus teuing. Awakna jagjag jeung seger.
Orokaya mireungeuh anak téréna jadi jagjag, indung téréna curiga. Palangsiang sok maok kéjo. Tuluy diintip dituturkeun ka kuburan. Barang kaciri dikuburan aya cau, indung téréna ngambek bébéakan.

“Ngérakeun maok cau nu saha hah? Budak-budak panjang kokod, kawas nu teu dibéré dahar waé,” ceuk indung téréna bari molotot. Regeyeng cau téh dibawa ka imahna. Ningali kitu budak téh ceurik deui di kuburan indungna.

“Emh ema naha geuing kieu waé nasib abdi téh. Cau Nyai dirampas, indung téré téh bet telenges teuing. Ka nyai taya rasrasan.”

Geus reup magrib budak téh can dék balik, cicing waé dikuburan indungna bari teu weléh sasambat, hayang milu ka kuburan.

Geus burit budak teu balik, bapana kukurilingan néangan.

“Nyai geura balik geus burit sieun sandékala. Keur naon cicing waé di kuburan?” ceuk bapana basa manggihan budakna keur nginghak di luhureun kuburan indungna.

Sabot kitu barasat aya katumbiri, nurunkeun tarajé emas, Nyi Antéh dipapagkeun ku widadari dibawa ka luhur bulan. Nyi Antéh dikukut para widadari. Betaheun bari séhat.

Nya dina mangsana bulan caang mabrak cahayaan hérang dumeling sok kabireungeuh majar cenah aya Nini Antéh keur ninun karémbong sutra ngais ucingna, bawa ti kuburan indugnna.*** (H.B.M / Galura)

Sabtu, 14 Juli 2012

Sasakala Lembur Maronggé :: Dongeng

dongeng
Waktos kapungkur kacarioskeun aya hiji wanoja anu ngarandapan raheut manah. Namina Nyai Gabug. Anjeunna téh raheut manah ku hiji pameget. Nyai Gabug apruk-aprukan, terus milarian babakan nyingkahan nu ngarajét haténa. Nyai Gabug téh disarengan ku tilu raina: Setayu, Naibah, sareng Naidah. Taya nu terang saha lalaki nu tos ngaraheutan Nyi Gabug téh.

Saliwatan mah cangcaya mun Nyi Gabug kudu ngalaman raheut haté téh. Pangna kitu, Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Sakur nu pareng amprok sareng Nyi Gabug, boh istri boh pameget, jorojoy resep jeung bogoh.

Kocapkeun, Nyai Gabug jeung tilu raina anjog ka hiji pasir di tungtung lembur babakan. Saterasna Nyai Gabug bubuara ngadegkeun tempat pamatuhan.

Ngababakanana Nyai Gabug téh enggal pisan nyebarna, ibur salelembur, éar sadésa, yén di babakan pasir aya opat wanoja geulis. Nya sakur nu panasaran mah pada ngajarugjug ka babakan téa. Barang prok ogé, henteu mencog tina sangkaan, opat wanoja téh geulis taya tandingna. Malah loba lalaki nu ngaheureuyan rai-raina Nyai Gabug.

Nyai Gabug ngatik ka raina sangkan ulah gampil kagoda ku wujukan kaum pameget. Utamina kedah ngeunteung kana lalakon anu tos karandapan ku anjeunna. Demi tilu raina henteu baha kana rupaning papagah nu jadi raka éstuning pengkuh kana pamadegan, moal waka kagoda ku pameget mun rakana Nyai Gabug can nyaatujuan.

Ku sohorna kageulisan Nyai Gabug, dugi ka Raja Gubangkala. Anjeunna ngaroas panasaran. Malah tara ti sasarina, Gubangkala indit ti karaton henteu ngawakilkeun. Teu kacatur di jalanna, Raja Gubangkala anjog ka wewengkon pasir babakan. Barang gok paamprok paadu teuteup sareng Nyai Gabug, Raja Gubangkala langsung katarik kapentang asmara. Harita kénéh Raja Gubangkala ngajukeun lamaran ka Nyai Gabug, geusan dijadikeun praméswari di karajaanana.

Nyai Gabug méré tanjakan ka Gubangkala, heg cenah dipigarwa, asal Gubangkala kudu bisa malikkeun deui kukuk anu dipalidkeun ku Nyai Gabug ka girangkeun. Gubangkala kacida ngaranjugna. Tanjakan téh sakitu abotna. Namung da anjeunna ogé sanés jami atah-atah. Tanjakan téh disanggupan. Nya Gubangkala nyoba malikkeun kukuk nu dipalidkeun ku Nyai Gabug. Tapi dalah dikumaha, Gubangkala teu sanggup ngayonanana. Kukuk terus palid teu bisa balik deui. Gubangkala teu tinekanan nyanding ka Nyai Gabug da puguh kasakséni kumaha linuhungna Nyai Gabug. Nya ti harita mah taya deui nu ngahéroan. Jigan teu sanggup kana tanjakanana.

Hiji magsa, Nyai Gabug teu damang wales dugi ka kapidara. Tilu raina reuwas kareureuhnakeun kalayan ngaraos hariwang. Namung teu lami, Setayu nampi ilapat kedah milarian geutah buah kilaja muning. Saterasna éta geutah téh diulaskeun kana lambeyna Nyai Gabug.

Henteu sakara-kara, sabada lambey Nyai Gabug diolesan geutah buah kilaja muning, Nyai Gabug sadar deui. Nyah beunta. Nyai Gabug cumarios ka tilu adina sangkan énggal-énggal ngali taneuh ngadamel lombang. Nya tilu rainan ngadamel lombang.

Saparantos réngsé ngadamel lombang, Nyai Gabug lebet kana lombang téa kalayan miwarang ka tilu rainan nutupan éta lombang ku rénggé (régang). Rai-raina nutupan ku rénggé. Barang tos buni, tiluanana ngaranjug, tina sela-sela rénggé aya cayaha gilang gumilang lir anu merong raina anu tiluan. Nya ti harita éta tempat téh katelah jadi Maronggé, minangka wancahan tina kecap merong sareng rénggé (régang). Dugi ka ayeuna éta lembur téh katelahna Maronggé. Ayana di Kacamatan Tomo, Kabupaten Sumedang. Maronggé téh langkung sohor batan lembur-lembur séjénna di Kacamatan Tomo.** (Oon Suwartini / Galura)

Selasa, 10 Juli 2012

Sakadang Kuya jeung Waliwis :: Dongeng

dongeng
Aya manuk waliwis, geus lila pisan kakalayangan. Hiber ka ditu ka dieu néangan tempat anu aya caian sudan manggih. Puguh usum halodo loba sawah kasaatan, walungan taya caian. Kabeneran anjog ka hiji sisi talaga anu masih kénéh aya caian sanajan teu camaplang sabiasa. Batu jeung keusik patingborélak. Lauk laleutik jeung nu rada badag ngagonyok dina kukulahan.

“Lakadalah, milik gedé geuning keur urang ieuh!” ceuk waliwis ka bikangna. Teu talangké deui waliwis macokan lauk. Keur kitu, kodomang-kodomang aya kuya jalu mandahna talaga nyampeurkeun.

“Héh ki Silah, genah galeuh wé cok am kana hakaneun kula, naha teu nyaho nu ngageugeuh di dieu téh kula? Hayoh ka ditu geura nyingkah teu boga kaéra!” ceuk kuya.

“Hampura wé atuh da teu terang, katurug-turug kuring duaan téh keur langlayeuseun. Panuhun kuring ulah diusir da puguh sieun kalaparan. Sugan wé kula bisa ulun kumawula ka warga sisi tagala,” cek waliwis.

“Sukur ari kitu mah, malaur aya kahayang ti baheula, nya ayeuna kuring rék merih pati ka andika da anjeun mah dikadarkeun boga janjang. Kula téh hayang ngaho awang-awang, hayang nyaho nyéngcélakna talaga. Kula bawa hiber ku andika, naha sanggup? Mun sanggup anjeun baris diaku jadi rayat di dieu. Ngan mun teu sanggup kudu indit ulah kumawani laha-loho deui ka dieu.”

“Ah rék dicoba wé diasongkeun akal ti aing,” ceuk gerentes waliwis jalu.

“Kumaha sanggup?”

“Kieu wé atuh ayeuna mah, tuh aya pangpung, pék gégél ku anjeun, engké katuhueun jeung kéncaeun digégél ku kula jeung ku pamajikan kula. Hayu ku kula dibawa hiber ka awang-awang. Ngan omat, bisi aya titingalian anu anéh, ulah rék sagala tetelepék kumawani rék nanyakeun. Kumaha kira-kirana sanggup?”

Awas siap nya hiji, dua, tilu…, waliwis jalu méré komando. Gep kana pangpung gégéleun manéhna, biur wé dibawa ngapung digotong ku duaan. Sanggeus ngapungna rada lila, kuya cangkeuleun, lat poho kana wawadi ti waliwis, kakarék oge engab rék nanyakeun lila kénéh atawa sakeudeung nyabana, koléang awakna ngoléang ti awing-awang, lésot tina pangpung pangégélanana. Gejrét ninggang batu namprak, ancur teu mangrupa deui.

Waliwis sajodo ogé gentak ngaleupaskeun pamaatukna tina ngégél pangpung, ngan teu kaburu nulungan. Manéhna ukur bisa ngaheruk nyanghareupan bugang kuya.

Ti harita di pilemburan mah lamun di girang aya kuya ngababatang caina kabawa ngocor ka hilir, kabeneran kaseuseup ku bangsa waliwis, éntog, atawa séjénna ngadadak awakna lumpuh taya tanaga. Cenah katulah sabab barétona kungsi nyilakakeun kuya.** (Akub Sumarna / Galura)

Senin, 25 Juni 2012

Anjing jeung Bagong :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula anjing jeung bagong téh sobat dalit, tara aya pacogrégan naon-naon. Ari dina hiji poé anjing babaung. Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar. Anjing nyerieun haténa, sarta tuluy nyarita ka babaturanana. Atuh babaturanana ogé pada milu nyeri haté, bari ngajak ngajorag bagong. Méméh ngajorag, menta tulung ka jelema. Ku jelema disanggupan.

Bagong-bagong sanggeus meunang béja yén anjing rék ditulungan ku jelama, maranéhna gancang baé ménta tulung ka oray, ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang, sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema teéh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.

Sanggeus asak badamina, gancang baé bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.

Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut bandring geus samakta.

Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di buruan imah kokolot.

Barang geus cunduk ka waktu datang ka mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.

Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka leuweung séjén jangji jeung pad baturna, baris ngaganggu kana pepelakan jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*** (Sumber: Adika Naradipa F/Galura)

Kamis, 21 Juni 2012

Sasakala Lauk jeung Séro :: Dongeng

dongeng
Numutkeun hiji katerangan mah jaman baheulana sasatoan téh kabeh bisa nyarita saperti jelema, katurug-turug boga karajaan sorangan gabungan sasatoan. Ari anu jadi rajana nya éta sakadang macan. Raja leuweung nu pohara pikagilaeunana tapi bijaksana.

Dina hiji poé di éta nagara sasatoan téh, aya anak séro keur anteng ulin, torojol aya kuda nu kaparengan liwat ka éta tempat. Kalawan teu dihaja, éta anak séro téh katincak ku kuda da beungeut kuda kaeurad ku rambat lancah nu aya hareupeunana. Bari teuing ti mana béejana éta kajadian téh éar saharita yén anak séro katincak kuda nepi ka hanteuna. Teu lila indung séro laporan ka raja. Harita téh pareng merbayaksa masualkeun perkara katincak anak séro.

Teu lila, raja mariksa kuda kalawan sora wibawaan.

“Hey kuda bener anjeun geus boga dosa nincak anak séro? Ceuk raja.

“Dawuh Gusti abdi teu rumasa lepat margi pangna abdi nincak anak séro abdi nuju leumpang panon abdi tikudawet ramat lancah nu ngahaja dipasang di jajalaneun. Tuh nu lepat mah lancah juragan.”

“Bener séro, nu salah mah lain kuda tapi lancah. Lancah, naha bener manéh masang ramat di jalan?” ceuk raja ka lancah.

“Leres ari masang ramat téa mah. Ngan sanes badé ngajaring kuda, tapi keuheul ku papatong bongan gawéna ngan ngéngklak baé ngigel ku abdi badé dijaring. Janten nu lepat mah papatong,” ceuk lancah.

“Bener manéh papatong gawé nga ngengklak baé? Ngigelan saon?

“Nun abdi Gusti teu lepat da abdi mah ngigelan bangkong bongan teu eureun ngendang baé, nya ku abdi diigelan, jadi tuh nu lepat mah bangkong.”
“Bangkong, naha manéh make ngendang baé?”

“Gusti abdi teu lepat da abdi mah sanes ngedang tapiu seuri, nyeungseurikeun tutut da mani agul boda imah gé ngan dibabawa baé ka mamana.”

“Tutut, bener manéh ngan mamawa baé imah, naon sababna?”

“Abdi mamawa baé imah téh sabab abdi sieun ku cicika, sieun diduruk da mamawa baé seuneu.”

“Hey cicika, naha manéh mamawa baé seuneu enya rék ngaduruk imah tutut?”

“Gusti, abdi mamawa seuneu téh abdi mah néangan keuyeup bongan sok ngorowotan baé tambakan balong, upami ku abdi dicaangan mah liren ngorowotan tambakanana téh.”

“Keuyeup naha manéh sok ngorowotan tambakan balong?”

“Nun Gusti, abdi teu lepat da abdi mah ngorowotan tambakan balong sotéh keuheul ku lauk asa kapuji sing jareprét teu kaop aya cai, matak ku abdi disaatan caina ngarah teu asa kapuji teuing.”

“Lauk emas naha manéh make sing jarepréet baé teu kaop aya cai? Sok jawab naon sababna?”

Lauk emas ukur ngabigeu, manéhna malah ngahuleung. Atuh puguh baé raja beuki ambek. Tungtungna lauk emah téh diprékprék ku raja.

“Tuh séro pék hakanan lauk emas ku manéh itung-itung ngagantian anak manéh nu katincak ku kuda,” ceuk raja bari ambek kacida.

Nya ceuk ujaring dongéng, ti harita séro téh sok ngahakanan lauk dibalong.** (Dicaritakeun deui ku: Dika / Galura)

Sabtu, 02 Juni 2012

Sasakala Situ Cileunca :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula di hiji leuweung geledegan, aya tangkal kai anu kacida gedéna jeung jangkungna, ngaran éta kai téh Rasamala. Sakabéh tatangkalan anu aya di sahandapeunana jeung di sabudeureunana éta tangkal kai gedé téh mani ngarasa gigis tur kacida mihormatna malah saolah-olah ngaku raja waé, rajana tangkal kai di éta leuweung téa.

Dina hiji waktu, sawatara tatangkalan nu aya disabudeureunanan téh uplek ngabrol gunem catur. Anu ngamimitian ngobrolna téh tangkal Kareumbi, pokna téh kieu, “Lain, Ki Silah, ari di dinya rek angger anut wae jeung tetep rék ngaku raja ka Rasamala téh.”

“Nya enya atuh, moal enya teu sauyunan atawa teu umum jeung batur, kuriak pada nyarebutkeun nu notorogan mun boga lampah anu béda ti batur téh,” ceuk tangkal Dadap.

“Hih ulah waka boga anggapan kitu, anggur éta boga pakarang anu sareukeut, sasatna cucuk anu aya dipimilik ku awak sakujur gésék-gésék waé kana sakujur awak ngarah Rasamala téh peuriheun,” ceuk Tangkal Kareumbi.

“Naha Ku naon kitu?”

“Ngéwa tuda kami mah, éta mun aya milik téh hawek pisan, mun aya rijki sok dihampol dipiheulaan baé. Sok didongkang ku akar mayangna, jadi hakaneun téh béakeun ku sorangan.

“Aéh heueuh nya, kakara eungeuh. Kaula gé sarua sok mindeng ngarahuh. Sakalina hayang moyan bet sok lebeng da panonpoé téh kahieuman baé ku dahan jeung daun Rasamala.”

“Tah geuning kapikir ayeuna mah ku anjeun nya?” ceuk kareumbi nguntup.

“Ké heula, urang ménta pamanggih anu séjén,” ceuk Dadap rada nyandet.

Kuniang jukut alak-alak nyanghareup ka dadap jeung kareumbi. “Hih sukur atuh boda rencana kitu, puguh kuring gé sarua boga haté kitu ngan teu betus. Kuring gé ngan koré waé téh hésé ngajangkungan hésé rék ngarambat da kahalangan. Kuring ngarojong kana pamaksudan anjeun duaan,” pokna.

“Yu atuh ulah léléda ari pada-pada boga kanyeri mah urang ngajorag Rasamala,”pokna.

Teu lila Kareumbi, Dadap jeung jukut Alak-alak madep ka hareupeun Rasamala.
“Pangapunten sun, numawi ngadeuheus téh abdi saparakanca seja ngadugikeun kasedih ati katugenah manah. Éta ka mastaka salira téh sok aya nu cucungah, manuk ésé nangka sok clé waé kana mastaka salira anu sasat jadi makuta anu kedah dipupusti ari ieu dikotoran. Mangga emutan. Kotoran téh sok janten manggandeuh anu sok nyongcay tuangeun salira.”

Bakat ku ambek di mana aya manuk ésé nangka eunteup dina Rasamala sok ngagidegkeun tangkalna. Lila-lila tangkal Rasamala téh jadi purutul henteu daunan. Tinggal tangkal anu ngalengeceng tapi tanggoh henteu régrog sanajan kadupak angina kakeueum ku cileuncang anu ngadak-ngadak ngabendung sabudeureunana. Cileuncang anu ngeyembeng pedah cihujan teu bisa laju ka hirir kahalangan dangdaunan Rasamala anu numpuk. Kulah cileuncang lila-lia jadi ngalébéran, antukna jadi hiji situ anu katelah situ Cileunca, robah ucapan tina kecap cileuncang.** (Akub Sumarna / Galura)

Senin, 21 Mei 2012

Pamulangtarima :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula di sisi walungan aya hiji buaya keur moyan bari ngalaleur. Teu jauh ti dinya aya tangkal dangdeur, éta kai téh geus kacida kolotna sarta tangkalna geus koropok.

Keur ngeunah-ngeunah buaya moyan, kai téh katebak angina gedé, harita kénéh dorokdok, gebrug runtuh ninggang tonggong buaya. Atuh manéhna téh kapaéhan. Eling-éling bati cacalawakan sabab nyeri kacida. Ongkoh deuih teu bisa walakaya pisan.

Teu jauh ti dinya aya sapi keur nyatuan. Barang ngadéngé nu ngaborobot, ku manéhna disampeurkeun, ari bréh, kasampak buaya keur gegerungan katindihan tangkal kai.

“Ki Silah, cing kuring tulungan,” ceuk buaya ka sapi.

“Ah embung, da sampéan mah sok ngabinasa,” ceuk sapi.

“Ih moal, lamun anjeun nulungan tangtu aya panarimana,” ceuk buaya.

Sapi teu panjang mikir, terus wé tangkal nu nindihan buaya téh digadil sapi nepi ka buaya bisa ingkah.

“Nuhun, sapi ngan kumaha da kula teu bisa leumpang, sakalian wé kula anteurkeun nepi ka sisi cai walungan,” ceuk buaya deui, sorana mani ngalengis pikarunyaeun.

Ningali kitu sapi téh éléh déét, terus digandong dibawa ka cai rada jero, geus diécagkeun, bet teu disangka ku sapi, bauay jalir jangji.

“Wayahna geus nepi ka dieu mah, kuring téh lapar geus sababraha poé teu manggih kadaharan, ayeuna mah wayahna ku kuring dihakan,” ceuk buaya bari gep ngégél suku sapi. Sapi teu suka, nepi ka paréa-réa omong.

Barang keur kitu, kabeneran aya peucang keur nginum, manéhna sabenerna mah geus rada lila ngadéngékeun nu paréa-réa omong téh.

“Keur naon baraya, ngan guntreng baé didéngékeun téh,” ceuk peucang.

Sapi asa dibéré kasempetan galantang nyaritakeun kajadian ti mimiti buaya katinggang kai. Bari dipungkas ku panuhun sugan wé cenah peucang bisa méré kaputusan.

“Kuring moal bisa méré kaputusan mun can nyaho kumaha prakprakanana tadi, ku kituna kudu dibalikan deui kumaha kajadianana,” ceuk peucang ka nu duaan.

Bral nu tiluan téh nuju ka sisi walungan urut buaya katinggang kai téa.

“Tah di dieu tadi téh,” ceuk sapi ka peucang.

“Euh, ari kaina di mana ngagoléerna? Kudu ditembongkeun heula kumaha tadina?” ceuk peucang.

Harita kénéeh kai téh dipindakeun deui kan tonggong buaya, nepi ka teu bisa usik malik cara ti heula.

“Ari geus kitu kumaha?” Peucang nanya deui.

“Buaya téh, lengas-lengis méenta ditulungan,” tembal sapi.

“Ngarti jeung tétéla ayeuna mah,” ceuk peucang. “Tah ayeuna mah hayu urang tinggalkeun. Keun baé si jurig mah sina paéh di dinya,” ceuk peucang.

Bral duanana arindit, sajajalan sapi kacida narimakeunana ka peucang nu geus ngajait tina balai. Ari buaya nu teu boga rumasa, ahirna paéh di lebah dinya.** (Andika Naradipa /Galura)

Kamis, 10 Mei 2012

Sasakala Lembur Panyalahan :: Dongeng

dongeng
Lembur panyalahan pernahna di wewengkon Pamijahan Kacamatan Bantarkalong Kabupaten Tasikmalaya. Pangna dingaranan Lembur Panyalahan téh cenah ku lantaran salah sangka, teu asak jeujeuhan nu ngalantarankeun korbanna hiji piaraan nu dipikameumeutna jadi korban. Dongéng lengkepna urang guar geura.

Jaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani anu hirupna ayem tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh. Dina hiji poé, éta panati téh manggihan anak maung anu ditinggalkeun paéh ku indungna. Anak maung téh dirorok jeung dipikayaah ku kulawarga patani téh sarta dingaranan “Si Loréng”.

Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani téh, matak manéhna nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah nungguan anak patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.

Saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka sawah. Orokna ditungguan ku si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah, dibagéakeun ku salakina, terus gura giru hanjat ka saung sarta am dahar mani pogot pisan. Eureuleu teurab.

“Alhamdulillah, ambu mani nimat kieu timbel, sambel jeung goréng asin téh,” ceuk Pa tani.
“is puguh waé atuh akang, pan meunang ngahaja,” tembal pamajikanana.

“Ari si utun sare? Ceuik Pa tani.

“Muhun keur mondok, mani tibra téh kang, ditungguan ku si Loréng,” tembal pamajikanana.

“Alhamdulillah nya nyai, urang boga si Loréng nu kacida nurutna,” ceuk Pa tani.

“Nya puguh atuh Kang, jaba si Loréng téh sakitu gagahna,” tembal pamajikanana.

Barang keur hoghag ngobrol, teu kanyahoan ronghéap si Loréng datang, ngadeukeutan saung. Buntutna dikupat-képot, terus awakna diusap-usapkeun kana suku patani, sorana ngagerem siga aya nu rék dibéjakeun. Patani héraneun ningali kalakuan si Loréng kitu téh. Maranéhna kacida reuwaseunana barang nénjo sungut si Loréng pinuh ku getih seger. “Boa-boa dsi Loréng téh geus ngahakan anak aing,” ceuk pikirna. Ngan gantawang téh éta patani nyarékan laklak dasar ka si Loréng.

“Héy Loréng, manéh geus wani-wwani ngahinat ka aing, manéh pasti geus ngahakan anak aing, nya?”

Si Loréng kalah ka mencrong, siga nu teu boga dosa, terus huluna diguda-gideugkeun. Tina sangutna, ngeclakkan getih seger.

Nénjo kitu, pamajikan patani ceurik jejeritan, bari nyarékan si Loréng.

“Awas siah Loréng … dasar sato siah, nu asih dipulang sengit, ku aing dirorok ti leuleutik ari ayeuna kalah nghakan anak aing. Tobat…gusti, kumaha teuing anak aing, kaduhung…kaduhung…! Ceuk pamajikan patani bari terus jejeritan.

Nénjo pamajikanana ceurik bari jejeritan, terus patani téh beuki ambekeunana ka si Loréng, terus mesat bedog tina sarangkana. Teu antaparah, habek éta bedog téh dikadékkeun kana beuheung si Loréng. Si Loréng ngagerung nahan kanyeri, bari teu walakaya. Panonna neuteup siga nu nganaha-naha. Patani beuki ngagedur amarahna nénjo si Loréng, teu paéh téh. Ngan habek-habek beuheung si Loréng ditigas deui ku bedog patani nepi ka hulu si Loréng leupas tina awakna sarta paéh saharita.

“Modar siah.. dasar sato bangkawarah, teu beunang dipikayaah, kalah ka ngahakan anak aing,” ceuk patani.

Sanggeus kitu, bari satengah lumpat, patani jeung pamajikanana, balik muru ka imahna rék néang anakna. Barang tepi ka imahna, breh téh anakna masih kénéh aya dina ayunan keur saré tibra. Terus dipangku bari diciuman. Bray orok téh beunta, belenyéh seuri neutueup ka indung bapana.

“Alhamdulillah nyai, geuning anak urang téh salamet,” ceuk Pa tani.

“Enya akang, sukur alhamdulillah masih ditangtayungan kénéh,” tembal pamajikanana.

Barang rét ka handapeun ayunan, kasampak aya bangké oray nu sakitu gedéna boborot ku getih. Patani jeung pamajikanana kakara sadar, yén Si Loréng téh geus nyalametkeun anakna tina bahaya, nya éta oray nu sakitu gedena. Maranehna kacida ngarasa handeueulna, geus salah sangka ka si Loréng, nepi ka dipaténi, padahal si Loréng téh sakitu satia jeung belana ka kulawargana.

Ku kajadian éta, tempat pamatuhan patani dingaranan “Lembur Panyalahan” nurut kana nyalahanana patani ka si Loréng. Tug tepi ka kiwari éta tempat téh jadi “Lembur Panyalahan”. Cag (Ku: Pipin Dasripin/Galura)

Kamis, 03 Mei 2012

Sasakala Batok Kuya :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Euweuh deui baturna imah-imahna téh éstu nunggelis pisan. Ari gawéna saban poé ngahuma. Getol ngahumana téh, indit subuh datang magrib téh lain bobohongan.

Dina hiji mangsa, keur manéhna aya di huma, gelebug angin gedé naker. Tatangkalan loba nu rungkad, malah imah kuya ogé katebak, kaapungkeun jauh pisan, sarta kusabab imahna téh deukeut ka walungan nya ngaléong kabawa cai.

Sakadang kuya nempo imahna kaéléd cai téh teu loba pikir, isukna deg deui baé ngadegkeun imah anyar nu tohaga da ngarah teu kabawa cai. Ku kitu manéhna ngarasa sugema, boga imah weweg, ceuk pamikirana moal téréh ruksak jeung bakal rada awét.

Ngan dasar meureun keur sial, imah kuya téh geus teu lila deui baé umurna. Barang manéhna keur di cai, kasampak imah téh kahuruan, seuneu ngentab-ngentab. Sanajan kuya satékah polah ngakalan, taya hartina, tungtungna kuya téh hing baé ceurik. Imah nu ngan kari lebuna ku manéhna disanghareupan, bari teu eureun-eureun nyegruk. Eta meureun nu matak kacida nalangsaeunana mah lantaran nunggelis téa, cukleuk leuweung ceukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa, taya geusan pakumaha.

Keur manéhna sesegruk, teu kanyahoan ti mana jolna aya monyét kolot anu geus cetuk huis.

“Ku naon sakadang kuya, sampéan ceurik kanyenyerian kitu? Atuh imah kahuruan mah nyieun deui baé” ceuk monyét ka kuya.

“Anu matak sakadang monyét, lain sakali ieu baé kacilakaan imah téh, ieu téh kadua kalian, kudu kumaha atuh akalna supaya boda imah awét cara batur?” ceuk kuya.

“Hih gampang atuh, ngarah imah ulah cilaka mah babawa waé. Hayu urang nyieun deui imah anu alus, mun geus anggeus urang tangkodkeun kana tonggong sampéan. Pantona sakira asup sirah baé, supaya dina aya nanaon gampang ngelokkeun sirah ka jero,” ceuk monyét.

Éta papatah ku kuya diterapkeun, prak nyieun imah anu pageuh, gedéna ngukur kana awakna. Pantona ti hareup, gedéna ukur logor sirahna paranti nololkeun atawa ngelokkeun sirahna baé. Sanggeus bérés imah téh ditangkodkeun ku monyét kana tonggong kuya. Nya ti harita mah imah sakadang kuya téh sok dibabawa baé digandong. Ari hareupna ukur cukup keur sirahna wungkul. Jadi mun aya nanaon téh ngelok ka jero imahna. (Galura)

Senin, 30 April 2012

Karooh ku Pamuji :: Dongeng

dongeng
Dina hiji poé aya hiji gagak eunteup dina suhunan warung. Gagak téh kacirina kacida laparna puguh geus sakitu poé taya hakaneun. Ukur ngandelkeun kitu wé meunang sésa sato séjén. Geus kurulang-kuriling néangan hakaneun di leuweung tetep teu manggih. Nya anjog ka hiji lembur. Barang nepi ka hiji lembur, gagak kacida atohna sabab nempo di hiji imah aya kéré keur di poé. Ningali kéré keur dipoé dina pager, gagak kacida kabitaeunana, tapi teu wanieun ngadeukeutan da kéré téh ditungguan ku budak.

Ningali ditungguan, gagak ukur bati kumetap, “hanjakal bet ditungguan aing sakieu laparna moal burung ngeunah tah kéré sakitu karandelna,” ceuk gerentes haté gagak.

Gagak téh api-api heunteu hayang baé, tuluy hiber deui kana tangkal jeruk, supaya ulah katingali teuing, maksudna ngadagoan bongoh budak. Sabab mun budak nyahoeun mah moal henteu dibalédog. “Aing bisa sosoroh kojor lain meunang hakaneun mun kanyahoan ku budak mah. Matak mending api-api ah,” ceuk gagak dina jero haténa.

Barang geus rada lila, kabeneran budak nu tunggu téh asup ka imah. Atuh geuwat baé gagak téh nyamber kéré réa sageblég, tuluy dibawa hiber arék didahar di nu suni. Sabot gagak keur hiber, katempoeun ku anjing, nya tuluy dituturkeun.

“Lakadalah gagak meunang kahakanan sakitu pikauruyeunana, moal siah ku aing dituturkeun, aing kudu bisa maling éta kadaharan nu dibawa ku gagak, najan anjeun aya di awang-awang, tapi moal burung diakalan ku aing gagak, tungguan siah!” ceuk anjing bari terus nguturkeun ka mana gagak hiber.

Teu kungsi lila gagak téh eunteup dina tangkal kai, ari anjing campego baé handapeunana, sarta pok ngomong: “Haturan sakadang gagak! Keur damel naon calik di dinya? Parantos lami naker teu tepang. Kuring mah resep ari ningal sakadang gagak téh, payus tur gagah. Geura wé bulu hérang jangjang panjang, turug-turug tiasa ngahaleuang nu suanten sakitu halimpuna, matak kabungbulengan. Baréto kungsi sakali nguping sakadang gagak disada téh, tapi nya kitu asa tos lawas pisan, asa hilap deui kana éta suanten nu halimpu téh. Tapi da sareng enyana, suanten téh asana di saantéro sato mah pangpunjulna, matak napel kana lelembutan. Moal, moal aya bandingna. Cing mangga geura disada sakali mah, étang-étang masihan kegegelan baé ka kuring,” ceuk anjung muji-miju gagak bébéakan. Pamuji nu pinuh ku panipuan.

Gagak ngadéngé pamuji nu sakitu bro-broanana téh teu katahan. Manéhna asa kapuji tur beunang kaolo, ahirnya poho kana sagalana, padahal manéhna téh keur ngégél daging kéré. Kalayan teu sadar katarik pangacianana ku pamuji téa, ahirna gagak téh disada: ggaaaaak….gaaaak gaaakkk. Barang pamatukna kakara engab ogé pluk baé kéré nu sakitu gedéna téh murag. Anjing nu tatadi aya di handap gura-giru muru kéré nu murag téa, terus baé ngincid dibawa ka tempat suni. “Ah gagak pupujieun, wilujeng angkat, wios ieu kéré mah bagian kuring, pék waé anjeun mah da geus seubeuh ku pamuji,” ceuk anjing bari cikruh ngadahar kéré téa.

Gagak nu aya di luhur, nempo anjing ngégél kéré téh ukur olohok, manéhna kakara sadar bet beunang ku pangoloan, karooh teuing ku pamujian batur. Bet pupujieun téh kabina-bina teuing.** (Anggit Wiwitan / Galura)

Sabtu, 28 April 2012

Sasakala Kungkang :: Dongeng

dongeng
Dina hiji mangsa Batara Narada meunang paréntah ti Batara Guru, supaya ngumpulkeun sakabéh déwa anu jumlahna opat rébu opat ratus opat puluh opat supaya datang di tempat kumpulan. Paréntah éta tangtu teu diéngké-éngké ku Batara Narada, dina waktu nu teu sabaraha lilana sakebéh déwa geus kumpul minuhan tempat.

Batara Narada. “Oladala Adi Guru sadaya déwa tos kumpul, aya nu badé didugikeun ka aranjeuna? Ceuk Narada.

“Tangtu wé aya,” jawab Batara Guru terus manéhna nyaritakeun kajadian-kajadian anéh anu tumiba di Swarga Maniloka, danget ieu malah sababaraha waktu ka tukang remen aya sora gumuruh ti kajauhan.

“Ku aranjeun kadéngé éta sora téh? Ceuk batara Guru.

“Kawah Candradimuka ngagolak, éta tandana goréng, bakal aya kajadian di Swarga Maniloka, siap-siap waé.”

“Bakal aya kajantenan naon, Adi Guru? Ceuk Narada.

“Leres bakal aya kajantenan naon di Swarga Manikola ieu,” cek kabéh déwa.

“Nya éta anu kudu ku urang ditalungtik,” ceuk Batara Guru. Anjeunna maréntahkeun ka sakabéh déwa supaya nalungtik kayaan Swarga Manikloka.

Dina waktu Batara Narada reureuh, mangsana nalungtik kaayaan, ti kajauhan katingal aya hiji wanoja lulumpatan kawas kasieunan. Geuning wanoja éta téh Déwi Sri salah sahiji putri Batara Guru.

“Tulungan kaula, amprokkeun kaula ka Rama Guru,” cek Déwi Sri.

“Tenang geulis, sok jelaskeun heula naon sababna lulumpatan siga boda kasieun? Ceuk Narada.

“Raka Kaula Kala Gumarang ….,” ceuk Déwi Sri geumpeur.
“Anjeunna ngudag-ngudag kaula, pajar téh rék mihukum kula. Rék ngawin kula, atuh pisakumahaeun teuing dosana mun éta kalakuan ditedunan téh, pan kaula téh adinan, kedah kumaha abdi,” ceuk Déwi Sri payuneun Batara Guru.

Batara Guru ngahuleng sakedapan, nya anjeunna apal geuning éta pangna kawah Candaradimuka ngagolak téh.

“Éta kajadian teu meunang, ulah nepi kajadian, sabab teu meunang kawin jeung dulur pet ku hinis, dosa.” Ceuk Batara Guru.

Sakabéh déwa nu karumpul harita taya nu lémék. Jempé, ngadagoan kaputusan Batara Guru.

Barang Kala Gumarang datang ka payuneun Batara Guru ngudag adina, manéhna reuwas, sabab geus diriung ku para déwa.

“Geuning manéh téh Gumarang, teu boda pamilih nu bener, haté jeung pikiran manéh téh teu béda ti sato nu euweuh gunana, nu ukur ngabuan saréréa,” ceuk Batara Guru. Dak sakal, Kala Gumarang robah jadi sato anu bau, ngaranna kungkang. Nya nepi ka ayeuna kungkang mah bau kacida .*** (didongéngkeun: Mimin Suryati / Galura)

Sabtu, 21 April 2012

Si Kabayan Meuleum Lauk :: Dongeng

dongeng
Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.

“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali. *** (AG, diropéa tina carita Si Kabayan nu asalna ti Banten / Garula)

Kamis, 19 April 2012

Nu Sarakah :: Dongeng

dongeng
Aya hiji anjing nimu daging munding gedé naker ngagoler dina taneuh. Taksiran aya nu tas balanja dagingna ragrag di dinya. Éta daging téh geuwat ku anjing dirontok, tapi teu dihakan di dinya anggur ngaléos rék muru ka nu suni. Ceuk pamikir anjing dihakan di tempat nimu na mah pibahlaeun kumaha mun kanyahoan ku nu bogana, jaba daging dicokot, jaba deuih manéhna tangtuna ogé meunang paneunggeul. Mikir kitu téh anjing bari ngaléos.

Méméh nepi ka tempat nu dianggap suni ku sakadang anjing, manéhna kudu ngaliwatan susukan. Teu hésé ari taeuna mah da aya sasak awi pikeun meuntasna mah. Nya sajeroning ngégél daging téh éta anjing maksakeun ngaliwat kana sasak awi téa. Demi éta susukan, caina téh aya ku hérang, bubuhan cinyusu datang ti gunung hérang téh lain bobodoan da cai susukan téh ngagenyas bisa dipaké ngeunteung.

Ku hérang-hérangna cai, barang srog anjing kana sasak téa, katempo kalangkang manéhna di jero cai. Ari panyana anjing nu aya di jero cai téh anjing séjén, mangkaning sarua mamawa daging sagedé-gedé.

“Lakadalah, aya ku gedé milik ieu aing, ieu aing geus boga daging sakeureut, hég ayeuna deuih nimu ti batur kuring nu saru gedéna, ah moal asa-asa éta daging téh rék direbut ku kuring, mun beunang pan kuring jadi boga dua keureut, sakitu gedéena moal burung wareg,” ceuk pamikir anjing. Réngsé mikir terus wé anjing téh ngaherengan. Manéhna taki-taki rék ngalawan musuhna nu keur ngagégél daging.

Barang geus karuhan musuhna teu pati galak, malah sari-sari ngaléléwéan, teu antaparah ngan gabrug wé anjing nu dihandapeun manéhna téh dirontok maksudna mah rék ngarebut dagingna. Barang brus anjing tigebrus ka susukan, les baé musuhna mah leungit. Ku sabab dipaké ngahereng jeung calawak rék ngégél musuhna, daging nu digégél téh murag ngaléong kabawa palid. Ari manéhna kusah-koséh kabawa cai tarik, puguh waé kacida ripuhna. Ampir-ampiran kabawa palid, ongkoh ingetanana kana daging nu dibawa ku musuhna. Ku maksakeun mah hadéna anjing téh salamet tepi ka darat, ngan orokaya nyeri haténa teu katulungan. Daging nu digégél murag kabawa palid. Daging nu rék direbut ti musuhna teuing ka mendi da ukur kalangkang sorangan.

Sajongjongan mah anjing téh ngahuleung, gawé na melong ka cai urut manéhna tigebrus, handeueuleun meureun. Dina pikirna, enya ahirna jadi teu kahakan éta daging téh, kalah jadi cilaka. Geus kitu mah manéhna noyod rék néangan deui hakaneun.** (didongéngkeun deui ku: Adika Naradipa Fadlurahman/Galura)

Minggu, 15 April 2012

Budak Pahatu :: Dongeng

dongeng
Jaman baheula, di lembur singkur jauh ka ditu ka dieu, aya dua budak pahatu lalis henteu indung henteu bapa. Basa di lebur éta katarajang wabah koléra, indung bapa éta budak mararaot. Kaasup tatanggana nu saukur tulu imah.

Budak pahatu lalis téh awéwé jeung lalaki. Cikalna lalaki kira umur lima taun, adina awéwé kira umur opat taun. Saditinggalkeun ku kolotna, ieu budak dua téh éstu cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa.

“Beuleum hui téh aya kénéh Akang?” ceuk adina nu geus lapareun.

“Geus béak nyai, beuleum hui na tadi béak. Urang ka legok wé yu nyai urang ngala buah harendong atawa kupa jeung dukuh keur ubar lapar mah, da akang ogé sok di bawa ka legok ku bapa almarhum, harita kupa jeung dukuh téh keur baruahan,” ceuk lanceukna.

Si Nyai diajak ngala kupa kulanceukna téh mani giak naker. Ku lanceukna dituntun ka legok nu harieum ku tatangkalan. Sabab da tara kasaba ku jalma.

Bener wé buah kupa téh geus arasak mani meuhpeuy harideung. Di handapeun tangkalna mayak urut bajing jeung kalong. Si Ujang nérékél naék tangkal kupa. Ari si Nyai adina nungguan handapeunana dina kebon eurih nu busik. Si Nyai sina diuk dina catang bari sakapeung mulungan kupa nu murag. Sabot si Ujang lanceukna naékan tangkal kupa téa, teu nyahoeun yén nu didiukan ku Si Nyai disangka catang téh sabenerna oray bungka keur numpi. Oray rék megar gedéna sagedé tangkal jambé. Ku si Ujang ogé teu kacirieun da puguh atoh teuing nempo buah kupa nu sakitu harideungna.

Taksiran ngambeu hanyir jelema, oray bungka nu reék megar téh ngulisik. Gewewek dampal suku si Nyai téh digégél. Puguh wé si Nyai reuwaseun. Kaliwat reuwas jeung sieun Si Nyai teu bisa ngejat. Iwal sasambat ka lanceukna.

“Kang tulungan kang tulungan aya nu gagarayaman kana suku jeung ngégélan,” ceuk si Nyai.

“Usap wé usap sireum meureun, ké akang kagok ieu mani arasak kieu,” ceuk lanceukna bari jongjon metik kupa.

Oray bungka téh neureuyna beuki luhur nu antukna nepi kana sirah si Nyai da unggal sasambat ménta tulung ku lanceukna ukur sina diusap.

“Kang tulungan kang tulungan ieu abdi dilegleg oray…” lep Si Nyai diteureuy buleud. Wekasan nepi ka hanteuna Si Nyai dilegleg oray. Oray ngaléor ngagorobas ka kebon eurih.

Barang geus réngsé kantongna pinuh ku kupa, lanceukna turun. Barang rét ka handap ngagebeg sababa Si Nyai geus euweuh. Catang nu didiukanana geus pindah ngaléor ka kebon eurih.

“Wah palangsiang, Si Nyai téh dilegleg oray. Nyaiii.. Nyaiii..” ceuk lanceukna gura-gero, tapi lebeng Si Nyai teu némbalan.

Barang srog ka lebah oray téa, manéhna ngagebeg sabab tétéla adina aya dina beuteung oray. Kaciri dina beuteung oray nu ngalungsar kamerekaan téh melendung.

“Emh deudeuh nyai, bet jadi kieu akang hirup nyorangan, pan ieu kupa téh keur nyai,” ceuk lanceukna. Manéhna kacida bingungna hirup nyorangan bari adina teuing kumaha nasibna. Manéhna ukur bisa ceurik bari bru nambru dina kebon eurih sisi oray nu gulang-guling.

“Keur kitu manuk pacikrak gegeleberan bari disada, cuklik..cuklik.. turih ku pucuk eurih, cuklik.. cuklik… turih ku pucuk eurih.”

Ngadéngé manuk disada kitu asa dibéjaan. Si Ujang metik pucuk eurih tilu lambar tuluy dibesétkeun kana beuteung oray. Boréngkal hadéna téh di Nyai masih kénéh hirup. Tapi leuleus.

Ningali adina hirup kénéh ngan leuleus Si Ujang ngala daun jati terus digeberan. Nyah si Nyai beunta ngan nging ceurik kareureuwasan.

Sanggeus jagjag deui si Nyai dibawa balik. Tina ladang kupa jeung dukuh nu saban poé dialaan eta budak pahatu lalis téh bisa hirup turta jagjag. Isuk jaganing géto éta dua budak téh dirawatan ku tukang nyadap kawung. Lahangna dijieun gula. Gulana diiderkeun ku Si Ujang.*** ( B M / Galura)

Akal Munding :: Dongeng

dongeng
Dina surat kabar mingguan basa Sunda, Siliwangi nu medal jaman Belanda, édisi tanggal 15 Juni 1921 aya warta nu judulna Politik Kerbau. Nyaritakeun akal sato nu ngaranna munding keur nangtayungan diri jeung kulawargana tina panarajang sato garalak, babakuna maung. Hasil repostase ti sisi basisir Laut Kidul, kiduleun Bungbulang, Kbupaten Garut.

Harita ogé, masyarakat di dinya geus miara munding. Rata-rata barogaeun mundingna téh leuwih ti dua. Anu unikna, mundingna henteu dikandangan, teu kawas ayeuna, tapi dikencarkeun di hiji pasir. Teu dicangcang, teu ditalingakeun jeung teu dijaga.

Ti peuting ogé diantep di éta pasir, henteu diampihkeun. Padahal taun 1921 mah, maung masih kénéh loba, wewengkon Bungbulang jeung basisir Luat Kidul masih loba leuweung geledegan.

Najan kitu teu kungsi kajadian aya munding nu ditekuk ku sadakang maung. Atuh masyarakat téh teu hariwangeun mundingna dihakan maung jeung sato galak séjénna.

Sabada ditalungkit singhoréng munding bogaeun akal, taktik jeung stratégi sangkan teu dimangsa ku maung. Unggal jam genep soré, geus rék reup-reupan peuting, munding nu kapéto jadi pamingpin témbong riweuh ngamankeun anggota kelompokna séwang-séwang.

Enéeng atawa anak munding dikumpulkeunm dihijikeun jeung munding nu geus karolot nu geus kurang tanagana. Munding nu masih kénéh ngarora jeung gedée tanagana sarta tandukna ranggakgak ngurilingan énén jeung munding kolot dina posisi nukangan, nyanggareup ka luar. Huluna diposisikeun siga rek diadu, tandukna siap ngagadil.

Ku cara kitu maung téh jadi sebéreun rék nekuk munding. Nempo tanduk munding nu ranggakgak sarta tungtingna seukeut maung teu wanieun ngadeukeutan. Kaciptaeun meureun kumaha budal-badil peujitna mun kudu digadil ku munding nu keur meumeujeuhna gedé tanaga. Dina kituna mah maung ogé boga kasieun.

Kumaha ayeuna kapanggih kénéh taktik munding saperti di wewengkon Bungbulang? Moal kapanggih. Nu barogaeun mundingna ogé ukur hiji dua, tur munding nu dipibogana henteu loba. Mun tea mah dikencarkeun sarta peuting teu dikandangan kiwari mah leuwih teu aman batan baheula. Mémang moal dimangsa maung lantaran maungna geus teu nyésa hiji-hiji acan. Tapi pasti munding téh dina waktu nu moal lila bakal leungit, aya nu maling. (AG / Galura)

Rabu, 11 April 2012

Katinggang Dulang Emas :: Dongeng

dongeng
Cidulangdaling téh ngaran tempat pamandian nu aya di Cigalontang. Sabenerna mah éta pamandian téh ngaranna lain Cidulangdaling, tapi Cigaru anu robah ngaranna jadi Cidulangdaling. Asal muasalna ngaran Cidulangdaling téh nya éta tina carita kolot jaman baheula anu eusi caritana nya éta hiji dulang emas na ragrag kana taneuh, nepi ka éta taneuh téh legok.

Caritana téh kieu geura, aya hiji putri anu keur leuleumpangan ngurilingan kampung. Bari ningalian kaayaan kampung téh manéhna bari ngangakeup dulang emas. Di tengah jalan éta putri téh papanggih jeung hiji jajaka anu mihareup éta putri téh jadi bojona. Éta putri dipaksa sangkan milu ka éta jajaka. Putri téh nolak kana pangajak éta jajaka. Tapi jajaka keukeuh ngajak ka putri sangkan daék dipihukum jadi pamajikanana. Éta putri téh keukeuh embungeun sarta manéhna lumpat kalunta-lunta bari ngangakeup dulang emas téa.

Si Jajaka téa terus nuturkeun éta putri. Bakat ku sieun éta putri téh lumpatna sakaparan-paran sarta teu karasa manéhna anjog ka tempat anu gawir, manéhna terus lumpat da sieun ku si jajaka téa. Barang tepi ka sisi gawir, manéhna salamet teu tigurawes ka gawir, ngan dulang emasna leupas tina akeupanana sarta ragrag ka gawir ninggang kan taneuh anu aya cinyusuan. Bakat ku tarik ragragna éta dulang emas téh tilem ka jero taneuh anu aya caian téa. Taneuh tapak dulang ragrag legok ngabentuk dulang.

Ti saprak kajadian éta, si putri jeung si jajaka téa teu katénjo ngulampreng deui ka éta lembur duka ka mana sarta masyarakat teu apaleun saha sabenerna éta putri jeung jajaka téh. Dulang anu ragrag téa teu kapanggih raratanana deuih.

Ku ayana éta kajadian masyarakat éta tempat ngalandi yén tempat pamandian anu katinggang dulang téh ngaranna jadi pamandian Dulangdaling tug tepi ka kiwari.** (ku: Fitri Robiatul Solehah, Cigalontang / Galura)

Lauk Cucuk :: Dongeng

dongeng
Aya hiji lalaki, ménak pilemburan keur niis di hiji sasaungan anu aya di sawahna. Kebeneran kawénéhan mireungeuh widadari keur marandi di walungan anu teu jauh ti paniisan ménak téa. Eta ménak téh ngeteyep mapay nu bala inti-intipan rék pangangguran ngiwat pakéan salah saurang widadari anu keur jarongjon mandi. Gunyunyut pakéan nu numpuk di sisi walungan téh dicokot sapangadeg, dikélék disumputkeun buni pisan. Atuh dina waktuna arenggeus mandi, salah saurang widadari teu bisa maké baju, kapoosan bajuna euweuh. Lagu baturna baralik ka tempat asalna deui di kahiangan, manehna mah ngan bati ngaheruk mikiran kumaha nya pilampaheun moal enya rék bubulucunan. Hinghing ceurik ditaringgalkeun ku babaturanana.

Keteyep disampeurkeun deui ku ménak. Bari aluman-alimen éra anu taya papadana, Néng Putri disampeurkeun ku nu lain muhrimna téh, kapaksa kakayidan pasini janji pasang subaya nyumponan kahayang ménak, daék dipirabi bari dumuk di pilemburan, sawios digentos anggoan oge cenah. Sareng deui, mangga akang mirabi abdi asal kedah tiasa ngéstokeun kahoyong abdi deuih. Akang ulah rék gana-gana pipilueun kana urusan sareng padamelan istri.

Geus kakayidan ti dua pihakanana kitu mah, éta ménak jeung nyi putri téh bumen-bumen di pilemburan, lembur ménak téa.

Dina hiji mangsa ménak téh teu nohonan jangjina. Nyi Putri bendu. Bus ka jero leuit, tadina mah pundung bari rék nyumput, ngan sabot ngaguar-guar tumpukan paré di hiji juru leuit panyumputanana, tamba kesel ngadon nyirekem, ari goréhél téh papakéan aslina anu baréto disumputkeun ku nu cunihin téh kapanggih ti dinya, henteu kahaja. Teu talangké rap disalin, biur ngapung ka kahiangan.

Atuh ménak téh saban wanci gawéna ngahurungbalung. Wuyung liwung migandrung nu pundung, sedih kingkin mikiran anu ngaleungit ngahiang teu terang raratanana.

Pikeun ubar kakeueung, tamba ngalangeu ngadaweung ngabangbrang tineung, ménak seja nisskeun pikir, ngababakan nyieun éémpangan leutik di tengah sawah deukeut tempat baréto putri marandi. Susuganan nya bisa kaeupanan kabita ku émpang anyar anu caina canémbrang hérang pikeun siram di dinya. Tapi lawas, didagoan, dipapantes bakal jol atawa ngurunyung ngadon siram téh saukur bati dina lamunan ukur dina gambar ciciptan wungkul, nu puguh mah ngan bati cau ambon dikorangan, cau lampe mah ka pipir-pipir. Lalaki ambon sorangan, awéwé mah teu mikir-mikir.

Unggal waktu sok ngahaja urang lembur loba nu disauran pikeun ngabaturan ruang-riung di saung babakan anyar. Ngahaja curak-curak barangtuang balakécrakan malar nu sok malaweung ngadaweung ngalangeu jarauh panineungan tiasa kabangbrangkeun sakeudeung-keudeungeun. Réngsé barangdahar, ménak téh kageterkeun angen kaoyagkeun pikiran maké hayang ngalungkeun cucuk lauk anu nyésa ngajepat dina piring urut alasna. Lung dialungkeun ka tengah empang anyar jieunanana téa. Dumadakan éta cucuk lauk anu limit téh bet jadi dagingan deui, aya sisitan, aya huluan aya buntutan sakumaha wajudna lauk cai. Ngan aya tambahna tina lauk anu séjénna, bet rimbil ku cucuk, sajaba sisit jeung cécépétna téh. Atuh rada ahéng, barang katénjo mimiti ngadudibeg tuluy sosoloyongan dina balong. Kokocépatan dina émpang antukna jadi tontonan balaréa. Ibur salelembur, éar sapadesaan, aya lauk ahéng. Rimbil ku cucuk dina awakna. Karuhan wé jadi tontonan nu matak panasaran hayang nyaho di kieuna ulah ngan sakadar béja. Brul merul nu ngajugjug ti jarauhna, daratang nu ti anggangna, jadi ngabeungharkeun ménak téa. Anu datang téh dikarcis. (Pindo Catur: Akub Sumarna / Galura)